Kamis, 03 Februari 2011

narsis dikit ah..



kemaren kan ke dufan.. ni foto-foto nya.. ada si di pesbuk jga.. bahkan lebih bnyak di pesbuk..

artikel sunda deui..

Kendang jeung Kuda

Ku DHIPA GALUH PURBA

PUGUH baé kendang mah henteu milu puasa sanajan urang Sunda mikawanoh istilah “puasa kendang”. Éta babasan téh mangrupa kritik anu pikaseurieun, ditujukeun ka sing saha baé anu puasana ukur dina poé kahiji jeung poé pamungkas di bulan Ramadhan. Kendang kaasup waditra kasenian tradisional anu kaitung populér di kalangan masarakat Sunda, dijieun tina kai nu buleud, tengahna gorowong, sarta dua tungtungna ditutupan ku kulit. Upama nyukcruk kana kamus mah, di Sunda téh aya “gendang” jeung “kendang”. Gendang mah kendang gedé nu rarawatna kénca-katuhu, sarta pageuhna disambungkeun ku karawat jeung tengah-tengah kuluwungna saperti melendung. Demi kendang nyaéta gendang anu ukuranna leutik (Kamus Basa Sunda RA. Danadibrata, Kiblat, 2006).

Taya nu anéh tina waditra nu ngaranna kendang, anu antukna sindiran “puasa kendang” moal ngalantarankeun anu disindiran kahudang amarahna, sanajan anu disindiranna jalma anu bener-bener ukur puasa dina poé kahiji jeung pamungkas bulan Ramadhan. Kamungkinan gedé, manéhna moal nyeri haté, komo deui dendam ka kendang upama dina sakali mangsa amprok jeung pintonan kasenian anu diwaditraan ku kendang.

Mémang hésé nyindekeun hiji jalma puasa atawa henteu, lantaran tacan kungsi diayakeun sabangsaning razia mariksa nu teu puasa. Anu écés mah ukuran dasarna nyaéta barang dahar jeung nginum, sanajan réa di antara ustad anu sering nétélakeun yén puasa anu pangbabarina nyaéta nahan hanaang jeung lapar. Tapi pikeun jalma anu tacan bisa ngadalikeun beuteung, nahan hanaang jeung lapar ogé tétéla henteu babari. Wajar upama di tatar Sunda populér istilah “puasa kendang”.

Karuhun Sunda anu nyiptakeun rupaning ungkapan kritik ka jalma anu tara puasa, kawasna geus kacida surti yén dina mangsa keur puasa dipahing ngumbar amarah atawa nyarékan lak-lak dasar. Ku kituna kritik anu dijieun ogé sari-sari bari ngabodor. Conto kritik séjénna nyaéta “puasa ayakan” (singgetan tina: saaya-aya dihakan). Éta ungkapan ditujukeun ka jalma anu ngaku puasa, tapi manéhna ngadahar naon baé anu bisa didahar. Puguh baé ieu mah leuwih parna batan “puasa kendang”, sabab anu “puasa ayakan” mah enas-enasna henteu puasa pisan.

Sigana “puasa kendang” jeung “puasa ayakan” téh antukna jadi inspirasi pikeun sabagéan para pajabat anu nyekel kakawasaan . Maranéhna katingali soléh malah suci dina mangsa kompanye atawa dina poé-poé panungtungan mancén. His, puguh baé pikeun ngondang simpati masarakat sangkan dipilih deui. Salila mancén tugas, méh henteu kungsi ngalakukeun nanaon iwal ti kukumpul duit pikeun ngagentian modal waragad salila kompanye tur pikeun nyiapkeun kompanye satuluyna. Kaciri soléhna ukur di awal jeung ahir mangsa mangku jabatanna, atawa sebut baé “pajabat kendang”. Karesepna sukan-sukan, ngahambur-hambur duit ladang tina ngamangpaatkeun jabatanana.

Pon kitu deui aya pajabat anu méntalna “ayakan”. Puguh baé leuwih parna. Sabab manéhna bakal “ngahuapkeun” naon baé nu katingali jeung dianggap “ngeunah”, bari teu kudu mikiran halal atawa haram. Rupaning kasus korupsi anu ngajiret para pajabat téh geus nuduhkeun yén “pejabat kendang” jeung “pejabat ayakan” téh tétéla henteu saeutik. Maranéhna satékah-polah mintonkeun dirina anu keur “puasa”, tapi dina mangsa manggih kasempetan tur nu séjén keur malaweung, mangka dihuapkeun hutan lindung, laut, alat berat, duit rayat, jeung naon baé nu “pingeunaheun”.

Karuhun Sunda ogé kawasna geus bayeungyang nyaksian jalma anu ngaku muslim tapi henteu puasa di bulan Ramadhan. Jeung anu leuwih parna deui, maranéhna henteu ngajénan atawa teu paduli ka jalma di sabudeureunana anu keur meujeuhna paruasa. Maranéhna henteu ngarasa éra sanajan dahar, nginum , atawa ngaroko di tempat umum. Leuheung kénéh anu saukur kaciri sukuna wungkul mah. Nya ti dinya mah kaitung lumrah lamun satuluyna aya carmina (pantun kilat) anu nepi ka kiwari masih kénéh populer, “puasa kuda lebaran munding/ puasa teu kaduga lebaran ginding. Hiji sindiran anu ditujukeun ka jalma anu ngedul puasa puasa, tapi dina mangsana ngarayakeun lebaran hayang panggindingna.

Geus lain rusiah deui tur jadi fenomena umum yén ngarayakeun lebaran di pakampungan téh réa diantarana nu kalah ngadu géngsi. Pangpangna pikeun anu sapopoéna ngumbara di kota-kota gedé. Pakéan sing sarwa anyar, dahareun sagala aya, kandaraan méwah, ngecét imah, jeung sajabana, salawasna jadi bagéan tina ngarayakeun lebaran pikeun sawatara jalma. Malah keur ngahontal éta kaméwahan téh aya kalana maksakeun. Contona nginjeum duit ka réntenir atawa ngagadékeun pakakas imah keur sakadar ngaréntal kandaraan. Pokona mah rupaning cara dilakonan sangkan lebaran bisa ginding, pikeun némbongkeun kasuksésanna ngumbara di kota gedé. Matéri beuki weweg jadi barométer keur ngukur darajat manusia. Naha kiwari masarakat téh beuki réa nu materialistis? Apan di payuneun Gusti Nu Maha Agung mah, jalma anu pangmulya-mulyana téh lain jalma beunghar, lain pajabat, lain ménak, tapi jalma anu taqwa.

Dimuat di Majalah Seni Budaya

sumber : http://galuh-purba.com/kendang-jeung-kuda/

artikel sunda lagi....

MASARAKAT ADAT

Éséy RAMELI AGAM

PAPAGON dina masarakat adat mah alam baris méré kahadéan lamun maranéhanana gé ngajaga tur ngamumulé alam sabudeureunana. Kaarian terus mekar. Sikep mikahor­mat alam minangka cecekelan hirup nu diwariskeun di komunitas masfan lokal tetep dipiara najan jaman terus mekar.

Sikep mikahormat alam minangka cecekelan hirup nu diwariskeun di komunitas masarakat adat. Mun alam geus ruksak, mangka katingtriman hirup gé bakal kaganggu. Tapi, ka béhdieunakeun, dina kamekaran jaman nu teu nolih kana kaarifan, loba lahan adat nu kedéséh. Kadéséh ku pihak-pihak nu hayang ngamang­paatkeun lahan adat, saperti pikeun villa, pabrik, pakebon­an, atawa wangunan séjénna. Alam masarakat adat nu ngawengku lahan, leuweung, gunung, katut walungan, nu salila ieu jadi sumber kahirupan maranéhanana, bet jadi saperti nu leungit.

Masarakat adat leungiteun sumber kahirupanana, alatan lahanna geus dipimilik ku batur. Komunitas masarakat adat di nagara urang teu weléh aya dina nasib katalangsara. Padahal, masarakat adat sarta nu jadi hak-hakna téh sakuduna mah bisa hirup kumbuh kalawan tingtrim. Meureun wajar dina mangsa penjajahan mah mun maranéhanana téh katalangsara. Sabab, sakur jiwa gé ngalaman katalangsara. Tapi, kacida tragis mun nasib masarakat adat teu robah, tetep katalangsara, dina jaman urang geus merdéka. Kiwari, teu saeutik aya kajadian konflik antara masarakat adat jeung pihak-pihak nu ngaku geus miboga lahan masarakat adat. Nu ngaku miboga, ngarasa boga hak alatan dibekelan hak guna usaha (HGU). Sedengkeun masarakat adat satekah polah mertahankeun lahanna, nu dipercaya minangka warisan ti karuhunna. Antukna, prinsip masarakat adat nu basajan téh kaancam leungit nyanghareupan pihak-pihak nu hawek, nu ukur néang kauntungan wungkul. Kasarakahan maranéhanana nu teu tanggungjawab téa, ngabalukarkeun katingtriman masarakat adat kaganggu jeung lingkungan jadi ruksak.

Ku mindengna kajadian samodel kitu, ngabalukarkeun masarakat adat mingkin kadéséh. Kitu deui mun pamarén­tah netepkeun kawijakan patali jeung wilayah adat bari teu ngabaud masarakat adat nu geus dumuk ti béh ditu mula di éta wilayah, tangtu masarakat adat gé baris kadéséh. Padahal, musawarah téh minangka wujud mihor­mat ka masarakat adat jeung hak-hakna nu ditangtayung­an ku undang-undang. Sakuduna, tong aya deui kajadian kadéséhna komunitas masarakat adat téh, boh dina sual lahan boh dina sual kabebasan ngalaksanakeun adat maranéhanana. Ku sabab nagara urang geus netepkeun undang-undang pikeun nangtayungan masarakat adat. Éta hal luyu jeung katangtuan internasional, nu ogé geus diaku ku nagara urang. Dina pasal 6 ayat 1 Undang Undang (UU) Nomor 39 Taun 1999 ngeunaan Hak Asasi Manusia (HAM), kalawan teges nagara nangtayungan komunitas masarakat adat. Kieu unina téh, “Pikeun nanjeurkeun hak asasi manu­sa, perbédaan jeung pangabutuh masarakat hukum adat kudu diperhatikeun tur ditangtayungan ku hukum masarakat katut pamaréntah”.

Sedengkeun dina ayat 2, unina téh, “Jatidiri budaya masarakat hukum adat, kaasup hak lahan ulayat, ditang­tayung­an luyu jeung kamekaran jaman”. Pon kitu deui, masarakat adat nu kaasup kana kelompok minoritas gé kudu ditangtayungan ku nagara. Dina pasal 27 Kovenan Internasional ngeunaan Hak Sipil jeung Pulitik, nyebut­keun, “Di nagara-nagara nu aya kelompok minoritas dumasar kana étnis, agama, atawa basa, hak-hak éta kelompok minoritas téh tong diganggu, dina komunitas papada anggota séjén ti kelompok maranéhanana, enggoning ngararasakeun budaya maranéhanana so­rangan, pikeun ngalaksanakeun jeung ngamalkeun ageman maranéhanana, atawa pikeun ngagunakeun basa maranéhanana”. Ku kituna, tong aya deui ijin muka pake­bonan, pangusahaan leuweung, atawa kagiatan pertam­bang­an, nu enya-enya ngarempak wates-wates wilayah lahan adat, nu saenyana mah geus dipimilik ku masarakat adat ti béh ditu mula. Ogé, ka masarakat adat kudu dibéré kabébasan pikeun ngalaksanakeun tradisi adatna, kaasup dina ngalaksanakeun nu jadi agemanana.

Hak masarakat adat pikeun ngagem ageman katut kapercayaan luyu jeung pilihanana téh aya dina pasal 22 UU No. 39/1999 ngeunaan HAM, unina, “Sakur jalma bebas ngagem agemanana séwang-séwangan tur pikeun ngalaksanakeun ibadahna luyu jeung ageman katut kapercayaanana”. Dina ayat séjénna ditegeskeun, “Nagara ngajamin kamerdekaan sakur jalma pikeun ngagem agemanana séwang-séwangan katut ngalaksanakeun ibadahna luyu jeung ageman tur kapercayaanana”. Kalawan teges konstitusi geus ngajamin jeung nangtayung­an hak-hak masarakat adat. Ku kituna, nagara wajib nga­wu­jud­keunana. Ulah ieuh aya alesan nagara teu mampuh ngawujudkeunana. Da saenyana mah pikeun ngawujud­keun kamampuh téh kacida gampilna, nyaéta ku cara ném­bongkeun kalawan enya-enya dina kawijakanana sangkan teu weléh mihak kana kapentingan masarakat adat. Lain mihak kana kapentingan pihak-pihak nu ngan ukur néang kauntungan wungkul.

Lamun téa mah hak masarakat adat téh dibaékeun, éta hartina nagara geus ngalakukeun pelanggaran HAM.

Dimuat dina koran Galura Minggu II/ Januari 2008

sumber : http://galuh-purba.com/masarakat-adat/

Rabu, 02 Februari 2011

dadah

rasa ini sudah tak terbendung lagi.. tekad sudah kuat.. bukan karena sikap yg tak dewasa.. tapi memang karena keadaan yg memaksa.. terserah kalian mau bilang apa.. yg pasti tak hanya raga yg sudah tak kuasa menahan segala.. semua tuntutan dan tekanan meminta diri untuk mundur.. bukan karena kalian, teman.. kalian pun tau betapa tersiksa nya diri ini.. jalan kehidupan sudah masing-masing.. harus bisa ambil keputusan.. seberat apapun.. harus di jalani.. toh demi masa depan yg menanti.. segala pelajaran akan diserap.. segala moment akan di ingat.. dan segala kisah kita akan selalu dikenang.. terima kasih atas semua.. kata maaf untuk semua kesalahan.. suatu saat wajah ini akan tampil di mata umum sebagai orang yg sukses.. kalian pun harus demikian.. amiin