Minggu, 15 November 2009

artikel bahasa sunda (lagi)

Basa Daérah

Ku Ajip Rosidi

Istilah “basa daérah” ilahar digunakeun. Boh dina basa Sunda boh dina basa Indonésia, lamun aya nu ngagunakeun istilah “basa daérah” tangtu maksudna basa Suda, basa Jawa, basa Bali, basa Batak, basa Bugis jeung basa lianna anu di Indonésia jumlahna leuwih ti 700 rupa. Istilah “basa daérah” biasana dibédakeun tina “basa Indonésia” jeung “basa asing”. “Basa Indonésia” sakapeung disebut “basa nasional,” “basa kabangsaan”, “basa resmi” jeung “basa nagara”. “Basa daérah” sok diidentikkeun jeung “basa indung”. “Basa indung” téh tarjamahan tina basa Inggis “mother’s tongue”. Dina basa Inggris istilah “regional language” ngan dipaké dina hubungan Indonésia, hartina terjemahan tina “basa daérah”. Nu ilahar dipaké nya “mother’s tongue”.

Waktu UNESCO netepkeun “mother’s tongue”, ku urang langsung dihartikeun “basa daérah”. Padahal apan aya urang Indonésia urang Indonésia nu ka budakna ti leuleutik ngajak nyarita basa Indonésia, jadi “mother’s tongue” budakna téh tangtu basa Indonésia, lain basa daérah.

Istilah “basa daérah” mémang saenyana kurang merenah. Istilah “daerah” sok nimbulkeun ayana konsép “pusat”. Ari “daerah” lamun dipahareupkeun jeung “pusat” sok langsung dianggap leuwih inferior. “Pusat” salilana dianggap leuwih penting, leuwih utama, kudu leuwih diheulakeun, jll.

Dina urusan basa, “basa daérah” (“mother’s tongue” téa), basa daerah dianggap leuwih inférior manan basa Indonésia. Dina RUU Kebahasaan “bahasa daérah” dianggap ngan saukur jadi “lambang kebanggan daerah, lambang jati diri daerah, sarana pendukung budaya daerah dan sarana pengungkapan sastera daerah”. “Bahasa daérah” dianggap ngan saukur “dapat berfungsi sebagai sarana perhubungan dalam keluarga dan masyarakat daérah serta bahasa media massa lokal”. Dina hubunganana jeung “basa Indonésia”, basa daérah ngan “berfungsi sebagai pendukung bahasa Indonésia”.

Cindekna basa daérah mah henteu boga hak hirup mandiri. Lamun fungsina “sebagai pendukung bahasa Indonésia” dianggap anggeus, “basa daérah” gé kudu pérén.

RUU Kebahasaan anu disusun ku Pusat Bahasa eusina réa anu ngarendahkeun kalungguhan “basa daérah”. Hal éta bisa jadi ku sabab digunakeunana istilah “basa daérah”, sabab ari daérah” mah apan kudu ngawula ka “pusat” – sanajan geus aya undang-undang otonomi ogé. “Basa daérah” anu mandiri dianggap ngabahayakeu pusat. “Basa daérah” dianggap antipoda “basa nasional” jeung “basa nagara”, nyaéta basa Indonésia” téa.

Lamun sueg istilah anu digunakeun lain “basa daérah”, tapi “basa indung”, henteu mustahil anggapan cara kitu téh moal timbul, sabab istilah “indung” mah moal nimbulkeun sangkaan antipoda tina konsép “nasional” atawa “nagara”.

Masalahna, istilah “basa daérah” geus ngabaju digunakeun ku urang, lain baé dina basa Sunda, tapi dina basa Indonésia deuih. Tapi dina UUD 1945 anu asli, istilah “basa daérah” henteu digunakeun. Dina Pasal 36, ngan disebut “Bahasa Negara ialah bahasa Indonesia”. Ari dina Penjelasanana aya kalimah. “Di daerah-daerah yang mempunyai bahasa sendiri yang dipelihara oleh rakyatnya dengan baik-baik (misalnya bahasa Jawa, Sunda, Madura, dsb.nya), bahasa-nbahasa itu akan dihormati dan dipelihara juga oleh negara”. Jigana tina kalimah éta timbul istilah “bahasa daérah” téh. Dina UUD 1945 anu geus dirévisi, kalungguhan “basa daérah” téh undak, sabab boga pasal sorangan, padahal dina Undang-undang 1945 anu asli mah ngan disebut sacara henteu langsung dina Penjelasan.

Ku kituna lamun urang rék ngaganti istilah “basa daérah” ku “basa indung” (bahasa ibu), nu kudu dirobah téh lain kabiasaan anu geus maneuh baé, tapi ngarobah UUD deuih. Tapi sanajan kitu, ku sabab gede pangaruhna kana sikep urang sorangan (kaasup para pejabat anu nyusun undang-undang katut para pejabat éksékutif) lamun ngagunakeun istilah “basa daérah”, jigana digantina istilah “basa daérah” jadi

”basa indung” téh mutlak perlu.

Pertimbangan lianna nyaéta ku sabab saenyana mah basa anu disebut “basa daérah” téh henteu bogaeun daérah. Basa Sunda lain basa hiji daérah. Di Jawa Barat salian ti basa Sunda apan aya basa Cirebon jeung basa Batawi. Basa Sunda ogé digunakeun di Banten jeung di sawatara wilayah di Jawa Tengah (daérah Brebes jeung Cilacap). Sabalikna “basa Indonésia” jadi “basa daérah” di Médan, Pontianak, Menado jeung lian-lianna — sanajan bisa disebut basa Indonésia dialék Médan, Pontianak, Menado jllna.

Lamun anu digunakeun istilah “basa indung”, jigana moal timbul anggapan nu nyababkeun dina RUU Kebahasaan aya kalimah anu unina ngan saukur nempatkeunana jadi “lambang kebanggaan daerah, lambang jati diri daerah, sarana pendukung budaya daerah dan sarana pengungkapan sastera daerah” nu saukur “berfungsi sebagai pendukung bahasa Indonesia.”

9 komentar:

  1. artikel sanes eiu teh ?

    BalasHapus
  2. aku ingin kasih tips,kmu tu harusnya gk seperti ini, jujur aja keluarin unek2 kmu

    BalasHapus
  3. @ajji : sumuhun
    @anonim : maksud nya??

    BalasHapus
  4. haturnuhun pisan kang..
    :)

    BalasHapus
  5. mkasih ya ..
    artikel nya buat tugas nih

    hehe

    BalasHapus
  6. pembahasan mengenai penting nya basa daerah.. khusus nya untuk menginformasikan ada nya bahasa daerah kepada generasi muda.. selebihnya silakan analisa sendiri, trims :)ya untuk menginformasikan ada nya bahasa daerah kepada generasi muda.. selebihnya silakan analisa sendiri, trims :)

    BalasHapus

komentar donk...